Biantara: Bahaya Udud

Assalamualaikun wr.wb

Sateuacana, nu paling utama, hayu urang manjatkeun puji puja sareng syukur ka gusti nu maha suci sareng teu hilap mugia sholawat sareng salam di limpah curahkeun ka rosulna. Dina danget ieu simkuring sanes asa lewih pinter, upami di sebatmah ngabejaan bulu bitis, tapi niatna ayeuna ursng sami sami ngingetan supados teu hilap deui hehehe.

Hadirin nu dipika hormat, upami ayeuna urang ninggal seueur pisan jalma nu tos nyandu kana rorok, tah upami urang ditilik tilik deui ti budak sd nepi ka nu tos umuran ayeunamah seueur nu ngalalepus di sisi jalan.

Duhh dan uk dicandak kamana tah indonesiateh?? Sok simkuring tos teu aneh ayeunamah tiasa ninggal budak smp atanapi sma bari lempang ka sakolana bari udud. Siganateh bangga bisa udud.

Komo mun tos saling pelenyun sareng rerencanganamah bari saling nyembur ku haseup roko. Kadangmah sok ngarasa aneh pan didinya nage tos di jelaskeun yen ududteh bisa ngakibatkeun impotensi, gangguan kehamilan, sareng kanker nu ujung ujungna bisa ngakibatkeun maot ku panyakit tadi.

Tapi nu dj anehnamah, naha jalmiteh siga nu cuek udud siga nu ngenah udud padahal upami sadar etateh duit nu dibelikeun pikeun neangan panyakit. Tapi ieu yeuh salah sahiji bahaya urang ududteh :

1. Bahasa keur sorangan

Bahaya tina udud atanapi roko ieu seueur pisan, komo kanggo diri pribados nu mimiti ti bwhaya duit urang bisa beak nepika bahaya pikeun kasehatan, dina sabatang rokok loba zat kimia anu bahaya keur diri urang mimiti ti nikotin, sianida, metanol jeung nu sejena. Tah inget oge dina roko aya zat adiktif anu nyieun nu udud jadi katagihan atanapi deudeuieun, roko kanggo pacanduna bisa ngundang rea panyakit kawas gangguan napas, batuk garing, nyeri keur paru paru,  panyakit jantung, stroke, impotensi jeung gangguan kangge anu hamil.

2. Bahaya keur batur

Rokok oge loba bahayana kanggo batur nu nginep haseup roko urut nu ngudud, lain ukur karbondioksida nu bahaya jadi racun tapi oge bayangkeun ditambahan ku zat sejena, ahh baya pisan tah ngarokoteh. Kumargi kitu urang kudu sadar kana bahaya rokoteh, tah upami tos terang boga bahaya keur batur, usahakeun urang ulah osok ngan ugikeun batur. Sabab batur miboga hak ngahirup udana anu beresih, udara anu seger.

Cobi mangfatkeun kanu sejen urangteh ulah sok ngudud lah, upami nu teu acan udud usahakeun jauhkeun tina godaan rokok anu bahaya eta, upami anu tos udud usahakeun eureunan tina udud eta, tapi upami anjeun tos jadi pacandu, usahakeun kurangan heula saeutik saeutik, nepika eureuna udud.

Tah kembangkeun we arti hirup anjeun jeung inget, daripada duit anjeun di pake udud di durukan pan leuwih sae di mangfaatkeun kanu lian nu loba mangfaat hade kangge awak atanapi masa depan anjeun.

Hapunten samudaya kalepatan. Hatur nuhun.

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

Tags: Contoh Pidato Bahasa Sunda, Melestarikan Budaya Sunda