Dewi Asri tanding leuwih. Baraja inten gumilang. Puputon putri kadaton. Pamidangan Pajajaran...

LIRIK TEMBANG MUPU KEMBANG

Dewi Asri tanding leuwih
Baraja inten gumilang
Puputon putri kadaton
Pamidangan Pajajaran
Panyileukan sadayana
Turunan Gunung Gumuruh
Pencaran Salakadomas

Metu ti lawang pingpitu
Medal ti lawang pingsanga
Monteng ti lawang saketeng
Dina iuh-iuh tanjung
Dina kalangkang katapang
Mipir-mipir nagasari
Mapay-mapay kilat panjang