Dina hiji mangsa, ayaa sakadang simeut keur nyanyi ngangge gitar dina handapeun tangkal kacambah, teu pati lila aya sakumpulan sireum leumpang ngaliwat.
“Maraneh arek kamana, meni ngaleut bari baris tur rapih mawa pakakas?” Tumaros simeut bari ngagonjeng keun gitar na.
“Neangan dahareun, kusabab teu pati lila deui rek usum hujan, engke hese neangannana deui,” jawab pangawal anu jadi patugas kaamanan siremum.
Kagiatan etateh terus wae di lakonan ku sireum dugi ka pinuhna dahareun di imah atawa guha sireum teh.
Beurang jadi peuting tur sabalikna, nya eta wae usum hujan teh kalakonan, sireum jeung gerombolan lainnya euweuh nu kaluar. Maranehna keur leleson sangkan kacumponan sagalana.
Beda jeung simeut anu kalaparan, kusabab teu meunang dahareun. Rek meunang kumaha dan hiber hese, tur leuer.
Simeut nu geus kalaparan pisan, ngarasa hariwang, “kumaha ieu euweuh dahareun, bisa-bisa urang paeh di dieu,” ceuk simeut ngomong dina hatena.
Aya oge kereteg dina hatena, sangkan kudu manggihan ka imah sireum, menta dahareun, tapi era.
Saking lapar eta, manehna maksakeun, “Tulung, urang lapar teuboga dahareun, tulung!” gorowok simeut di hareupuen lawang imah sireum.
Kusabab lapar kacida, manehna teu kuat, tuluy wae pingsan, kasampak ku hiji siereum nu manggihan manehna, tuluy wae digarotong kunu laina di bawa ka jedo.
Simeut di tulungan, diubaran, dibere dahareun sangkan sehat deui teu kalaparan.
Posting Komentar
Posting Komentar