Biantara: Ngajaga Kabersihan Lingkungan 02

Assalamualaikum wr wb..

Bapak kepala sakola Encep Rohimi S.Pd, sareng bapa/Ibu guru, anu ku simabdi dipihormat, sareng rerencangan saangkatan, kaka kelas, sareng adi-adi kelas anu ku simabdi pikadeudeuh.

Langkung tipayun hayu urang panjatkeun puji sinareng syukur ka ilahiirabbi nu mana kalayan hidayah sareng inayahna, urang sadaya tiasa kempel dina ieu tempat ieu dina kayaan sehat walafiat. Amin

Dina waktos ieu, abdi bade nerangkeun pikeun pentingna ngajaga kabersihan lingkungan kanggo urang sadayana. Janten, urang sadaya kedah atawa wajib ngajaga kabersihan pikeun diri urang sorangan.

Dina salah sahiji hadits diterangkeun "Inna dhofatu minal iman" Nu hartosna, “Kabersihan teh sabagian tina Iman”. Tina hadits eta, urang tangtu tos ngartos maksad sareng tujuannana, nyaeta urang teh umat muslim anu ngagaduhan iman dina jero hate urang.

Upami urang sadaya iman ka Allah, berarti urang kudu bersih atanapi suci tina sagala kokotor boh hadas alit atawa hadas ageung. Bersih eta sadayana teh nu didasarkeun tina bersih jeung sucina urang sareng lingkungan di sakitar urang.

Kabersihan sakola kudu urang jaga. Urang kudu mikacinta kabersihan sangkan hate urang ge milu bersih. Urang kedah ngajaga lingkungan sakola sapertos ulah micen sampah papaduan, nyurat nyoret tembok atawa bangku sakola, jeung sajabana.

Supaya dina urang diajar kacipta proses diajar jeung ngajar jadi geunah. Pastina, lamun bersih tangtuna urang jadi betah mun aya dilingkungan sakola atawa di jero kelas. Ku kituna, urang kudu ngajaga kabersihan sakola sapertos miceun sampah kudu ka tempatna.

Kabersihan oge aya marupi-rupi macemna, nyaeta aya bersih hate, bersih jiwa, bersih raga, sareng bersih rohani. Tah, urang kudu janten jalmi anu kaasup kana jalma anu bersih sadayana.

Allohumma, amien... Hayu urang sami-sami ningkatkeun pola hirup sehat kanggo kasaean urang sadaya sangkan tiasa leuwih getol kana ibadah ka Gusti nu Maha Welas tur Maha Asih, ku cara sasarengan urang hayu ngajaga kabersihan dina lingkungan sakola.

Cekap sakitu wae abdi nyanggakeun biantara ieu, pamungkas pisanggem, bilih aya basa anu kirang entep saeureuhna atanapi kecap anu kirang merenah larapna, mugi kersa ngahapunten.

Wassalammu’alaikum Wr. Wb

Tags: Contoh Pidato Bahasa Sunda, Melestarikan Budaya Sunda