Biantara: Ujian ku Gusti Allah

Assalamualaikum Warahmatullahi Wabarakatuh.

Alhamdulillahilladzi an’ama ‘alaina bi ni’matil iman, wal islam. Asyahadualla ilaha illaloh,wasyhadu anna Muhammadarrosullulah. Allohuma sholi ‘ala Muhammad wa’ala ali syaidina Muhammad amma ba’du

Panghulung kalbu kajembaran fuji janten panghias ati urang sanggakeun ka dzat anu maha suci.

Dzat anu ngan sahiji nyatana Allah rabbul ijati. Fuji anu janten panghias rasa urang sanggakeun ka dzat anu maha kawasa nyatana Allah, aza wajala syukur anu janten pangratos masihan rahmat, taufik sinareng hidayahna sahingga urang sadaya tiasa kempel ngariung di ieu majlis ilmu anu mudah-mudahan kenging ridho ti gusti Allah ta’ala. Amiin…..

Sholawat sinareng salamna mugia tetep di kocorkeun, dilengserkeun ka jungjunan urang sadaya, panutan sadaya umat islam nyatana kanjeng Nabi Muhammad SAW ka para kaluwargina sohabatna tabi’in tabi’atna anu pamudah-mudahan dugi ka urang sadaya salaku umatna.

Kepala Madrasah, dewan guru sadayana anu ku simkuring di pihormat, oge teu hilap ka sadaya rerencangan abdi, anu kusimkuring di pihormat.

Ngadegna simkuring di didieu Insya Allah bade nyobian nyampekeun hiji biantara anu eusina

“ COBAAN ATAWA UJIAN “

Ujian anu di pasihan ku gusti Allah ka bagi 2 nyaeta :

1. Ujian anu manis
2. Ujian anu pait

- Nu kahiji ujian anu manis nyaeta anu di pasihan nikmat ti gusti Allah
- Nu kadua ujian anu pait nyaeta saperti di pasihan musibah

Jadi kasimpulanana

Upami urang di pasihan anu manis, urang kedah bersyukur. Naon sababna ? sabab aya ayat Al Quran surar Ibrahim ayat 7

Anu hartosna: Saestuna upami urang syukuran kana nikmat Allah, pasti kami bakal nambihan nikmat . Tapi sabalikna, upami kufur kana nikmat Allah maka siksa Allah kacida pedihna.

Upami urang di pasihan ujian anu pait, sapertos musibah maka urang kedah sabar.

Nabi bersabda : Sabar eta sabagian tina iman

Sareng Allah ngadawuh : Allah seneng ka jalma-jalma anu sabar, jadi urang hirup di dunya ieu pinuh cobaan.

Saleresna masih aya keneh anu di saurkeun tapi waktosna anu teu cekap, sakieu ti abdi hatur nuhun ka sadaya perhatosan nana.

Hapunten bilih aya kalepatan.....

Aqulu Qouli hada, wassalamu’alaikum Wr Wb.

Tags: Contoh Pidato Bahasa Sunda, Melestarikan Budaya Sunda