Indonesia gemah ripah loh jinawi. Alam endah hejo ngemblok sugih mukti...

LIRIK LAGU CINTA NUSA

Indonesia gemah ripah loh jinawi
Alam endah hejo ngemblok sugih mukti
Subur tutuwuhan
Beunghar pepelakan

Daun hejo ngemploh karaharjaan lemah cai
Kakayon tumuwuh Subur pajangkung-jangkung
Petetan ngawujud sirung pagulung-gulung

Piraku rek rela
Piraku rek tega

Alam anu ngemploh hejo pinareng
Ngarangrangan teu kariksa
Tutuwuhan nutup alas bandawasa
Tatangkalan nutup gunung ngambah reuma

Peryoga dijaga
Diraksa diriksa

Kakayon mangfaat sumber kahirupan bangsa
Mamala tangah ngeblak nuntun gimir ketir
Bahaya gunung urug padataran banjir

Rampah pada dokoh
Samakta sosoroh

Ngagarap tanah ngeblak dipelakan
Tatangkalan hejo ngemploh

Tags: Lagu Bahasa Sunda, Melestarikan Budaya Sunda