Gagak Hayang Kapuji

Aya gagak maling déngdéng ti pamoéan. Geleber hiber bari ngaheumheum déngdéng téa kana tangkal dadap sisi lembur. Kabeneran harita katangeneun ku anjing nu kacida kabitaeunana da puguh kabeukina.

Kusabab kitu, ku anjing disampeurkeun. Tapi sanggaus anjing aya dihandapeun, boro-boro ditanya teu di rérét-rérét acan. Anjing mikir piakaleun supaya déndéng téa kapimilik ku manéhna.

Sanggeus manggih anjing ngomong, “Leuh aya manuk alus-alus teuing. Pamatukna panjang bulu hideung tapi mani lemes kitu. Manuk naon nya ngaranna? Kawasna mah moal aya tandingna dibandingkeun jeung cendrawasih gé moal éléh.”

Mimitina mah omongan anjing téh teu didéngé. Tapi sanggeus aya omongan “moal éléh ku cendrawasih,” gagak atoheun pisan. Manéhna kungsi beja yén cendrawasih téh manuk pang hadéna. Tapi ceuk anjing “manéhna moal éléh”.

Kitu nu matak manéhna ngarasa ngeunah ku pamuji anjing. Malah ceuk pikirna deui asa hayang ngabagi déngdéng jeung anjing. Ngan kusabab hésé meulahna kahayangna teu kalaksanakeun.

Anjing nempo beungeut gagak marahmay sanggeus dipuji ku manéhna. Ceuk pikirna pasti usahana hasil. Ceuk pikirna deui naon heséna muji-muji keur ngahontal kahayangna.

Ku sabab kitu pok deui anjing, “Lamun daékeun mah hayang nyobat jeung manuk nu sakitu lucuna. Ngan rumasa sorangan mah sato hina.

Saumur-umur kudu ngadunungan, saré digolodog, rajeun manggih hakaneun ogé pasésaan. Tapi najan teu bisa nyobat ogé jeung manuk lucu, atuh ngadéngé-ngadéngé sorana. Meureun moal panasaran teuing!”

Barang ngadéngé pamuji anjing anu sakitu ngeunahna, gagak poho keur ngaheumheum déngdéng, ngan ngong wé disada, “Gaak Gaaak” cenah. Atuh barang engab pamatukna barang pluk wé déngdéng teh murag. Anjing gancang nyantok déngdéng nu murag téa tuluy dihakan di nu bala.

Gagak nu hanjakaleun mah teu ditolih. Sababaraha jongjonan gagak téh cindekul wé dina dahan bari ngararasakeun teu ngeunahna ku kalakuan anjing.

Manéhna karék ngarti yén anjing muji bébéakan téh hayang déngdéng nu keur diheumheum ku manéhna. Ti dinya mah geleber gagak téh hiber kana tangkal kai rék neangan hileud keur ganti déngdéng nu disantok ku anjing.[]

PRANALA

Tags: Fabel Bahasa Sunda, Melestarikan Budaya Sunda