Hayam Kongkorongok Ti Subuh

Dicaritakeun dijaman baheula aya sakadang oray naga nu geus lila hayangeun ulin ka kahiyangan. Unggal poé si oray sok ngalamun baé bari jeung sok dangdan mapantes manéh, tapi keukeuh baé manehna ngarasa teu pantes lantaran teu boga tanduk, mangkaningan rék ngahadep ka déwa.

Sanggeus mikir lila, manéhna karak kaingetan ka babaturana sakadang titinggi, maksudna arék titah nginjeumkeun tanduk ka sakadang hayam, da baheula mah ari hayam jago téh aya tandukan.

Teu lila, si naga ménta anteur ka sakadang titinggi. Sanggeus kapanggih jeung jago, dicaritakeun tah kabéh maksudna ka jago, rék nginjeum tanduk heula cenah, engké dianteurkeun deui ku sakadang titinggi ceuk sakadang naga téh ka jago.

Hayam jago teu nembalan, da lantaran geus apal pikiran jahat jeung licikna si naga. Tapi, lila-lila naga ngarayu, ahirna jago ogé merekeun tandukna ka sakadang naga.

Ceuk naga téh ka jago “Engké tanduk manéh dibalikeun deui, dianteurkeun ku sakadang titinggi samemeh panon poé bijil, lamun can balik baé, bisi kaula poho, maneh méré tanda wéh kongkorongok sing ka tarik!”

Geus kitu mah, jug wéh naga jeung titinggi téh marangkat. Ari isukna saméméh subuh hayam jago geus kongkorongok satarik-tarikna. Sakali, dua kali, tilu kali, tapi sakadang titinggi teu datang kénéh.

Terus jago téh kongkorongok sababaraha kali deui, tapi tetep wéh titinggi teu datang-datang. Nepi ka brayna panon poé, titinggi euweuh datang-datang. Keun sugan cenah peuting isukan ceuk hayam téh. Tapi angger wéh anu ditanggoan nepi ka beurang titinggi teu datang kénéh baé.

Saking ambekna kacida éta hayam jago téh, nepi ka rék nyancem lamun ceunah si sakadang titinggi datang, arék di pacok nepikeun ka paéhna.

Ti harita hayam jago téh tiap isuk, sok kongkorongok sarta mun kapanggih jeung titinggi sok langsung dipacok nepi ka paéhna, males pati dumeh kungsi ngabobodo.

Eusi atawa hikmah anu bisa di cokot nya éta: Ari hirup téh ulah sombong, adigung, ulah sok nipu, jiga Oray Naga. Ulah sok daek baé di titah lamun salah jiga Titinggi. Ulah gampang di bobodo bisi kaduhung, ulah gampang percaya ka jalma jiga sakadang Hayam Jago.

Tags: Fabel Bahasa Sunda, Melestarikan Budaya Sunda