Teu honcewang sumoreang. Tekadna pahlawan bangsa. Cadu mundur pantrang mulang. Mun maksud tacan laksana...

LIRIK LAGU LINGKUNG LEMBUR

Teu honcewang sumoreang
Tekadna pahlawan bangsa
Cadu mundur pantrang mulang
Mun maksud tacan laksana

Berjuang keur lemah cai
Lali rabi tur tegang pati
Taya basa menta pamulang tarima
Ikhlas rido keur korban merdeka

Sinatria danalaga
Bela bangsa jeung nagara
Dibarengan tekad suci
Berjuang keur lemah cai
Teu ngingetkeun ka dirina
Asal nagri bangsa waluya
Kadar jembar raharja mukti wibawa
Gembleng tujuan Pahlawan Bangsa

Tags: Lagu Bahasa Sunda, Melestarikan Budaya Sunda