Di jaman baheula aya hiji karajaan nagara reungit, anu diratuan ku reungit awéwé. Éta nagara téh pohara beungharna kacida. Tentarana garagah, kitu deui patihna anu satia.
Sang ratu kacida gindingna, pakéanana harurung hérang, ditambah maké geulang jeung suweng emas (perhiasan anting-anting jeung giwang emas), mani wibawa pisan pokona mah sang ratu téh.
Dina hiji peuting keur jemplang jempling, aya hiji sosok jelema nu asup ka karajaan reungit éta, kabeneran tentara anu jaragana téh saré talibra, atuh jongjon éta jelema asup ka kamar ratu. Kabeneran ratu ogé keur tibra naker deuih.
Karayap éta jelema ngadeukeutan sang ratu reungit, tuluy suweng emas nu dipaké ku ratu reungit dicopot, tapi kakarak gé dicopot sabeulah ratu reungit éta kaburu hudang mantén, tuluy gogorowokan. “Tolong.. tolong.. tolong..!”
Éta jelema terus langsung kabur kaluar bari mamawa suweng sabeulah. Tentara anu jaragana tuluy ngarudag, tapi éta jalma angger teu ka susul.
Isukna sang ratu maréntah ka tentara jeung rahayatna. ”Sakabéh bangsa reungit kudu naréangan suweng anu dipaling éta, tempoan kabeh dina unggal ceuli jelema!” ceuk ratu reungit téh.
Ti harita, sakabéh reungit naréangan éta suweng nepi ka kiwari, reungit-reungit téh masih kenéh naréangan éta suweng nu sabeulahna. Nempoan kana unggal ceuli jelema-jelema bari disada “Suengngng! Suengng! Suengng!” Cenah.
Tags: Fabel Bahasa Sunda, Melestarikan Budaya Sunda
Posting Komentar
Posting Komentar