Sakadang Bagong Nu Sombong

Di hiji leuweung aya sakadang bagong jalu, bagong nunggal, sihungna geus ngeluk buluna bodas, awakna badag. Boroning bangsa bagong dalah sato-sato nu sejenna oge ngarasa sieun ka manehna, da teu aya nu wani ngadeukeutan manehna.

Hiji mangsa sakadang Bagong kapanggih jeung sakadang peucang. “Hey, sakadang peucang! kadieu maneh sakeudeung!”

Sakadang peucang kacida reuwaseunana, sabab teu disangka bakal kapanggih jeung sakadang bagong nu dipikasieun tea. Ngan dasar peucang mah loba akal jeung bisa neger-neger maneh. Peucang ngajawab bari tenang, “Rek naon Sakadang Bagong?”

“Maneh nyaho ayeuna yen saleuweung ieu geus teu aya deui nu wani ka kaula! Kabeh sato-sato sarieuneun!” ceuk bagong bari sombong. “Bener! Bener!” tembal peucang bari unggeuk-unggeukan. “Ngan..?”

“Ngan naon?!” ceuk sakadang bagong bari mureleng. “Ngan jigana sampean ge moal wani ka manusa mah.” Ceuk sakadang peucang.

“Hah! Nu kos kumaha sato nu di ngaranan manusa teh?” Sakadang bagong nanya. “Ari pangawakana mah teu gede-gede amat, gede henteu leutik henteu, lamun leumpang make dua suku teu siga urang kieu, ngan manehna mah pinter loba akalna” ceuk peucang teh.

“Cik atuh buru urang teangan ayeuna! Ku aing rek diamuk!” Ceuk bagong teh ujug-ujug napsu, sabab aya makhluk nu cenah leuwih gagah tibatan manehna.

“Hayu! Tapi kudu jangji heula upama engke aya nanaon ulah nyalahkeun kuring da kuring mah ukur nuduhkeun hungkul!” Ceuk peucang. “Moal, malah maneh jadi saksi kumaha eta kahebatan kaula!” Ceuk sakadang bagong bari sombong.

Peucang jeung bagong tuluy neangan nu ngarana manusa, nyarumput di nu buni di sisi jalan nu biasa sok diliwatan ku jelema.

Teu lila jol budak sakola, make pakean seragam keneh bari mamawa tas nu isina buku, kawasna mah rek indit ka sakola. Bagong nanya ka peucang lalaunan, “Ieu lain nu ngarana manusa teh?” Tembal peucang, “Enya ieu, ngan ari ieu mah pentil keneh, pimanusaeun.” Bagong ukur unggeuk.

Teu lila jol deui datang aki-aki nu geus kolot utak-iteuk bari mamawa tongkat. “Ieu lain manusa mah? Sakadang baong nanya, Peucang gancang ngajawab, “Bener, ngan ieu mah geus dalu mun cara buah mah. Ke sabar, moal lila deui ge datang geura!” Bagong unggeuk deui.

Teu kungsi lila jol panigaran ngajingjing-jingjing bedil, leumpang dangah bari rurat-reret ka kenca-kakatuhueun jalan.

“Tah mun ieu bener manusa nya?” Bagong nanya bari kawas nu teu sabar pisan. Peucang gancang ngajawab, “Tah ieu bener nu ngarana manusa!” Barang ngadenge jawaban kitu, sakadang bagong tuluy lumpat gancang ti panyumputan nuju ka manusa maksad rek nu nubruk ti hareup.

Paninggaran barang nempo bagong nu rek nubruk, gancang ngekang bedilna tuluy ngecengkeun bedilna ka bagong. Barang geus deukeut, jederrr!!! sora bedil ka sada, pelorna nyamber kana sirahna. Bagong nu tadi keur mempeng lumpat gancang, sakoteapan nambru nepi ka teu hudang deui.

Paninggaran nyampeurkeun ka sakadang bagong nu geus ngagoler bari ngomong, “ieu yeuh sato nu sok ngaruksak pepelakan aing teh!” Cenah.

Ari sakadang peucang mah barang nempo kitu teh ukur ngagideg hungkul tuluy ngaleos deui asup kana leuweung..

Tags: Fabel Bahasa Sunda, Melestarikan Budaya Sunda