Jaman baheula mah lauk nu pang loba huntuna téh mujaér, ekeur mah awakna gedé ditambah boga pakarang (senjata). gerakanana rancingeus (sigap). dina tonggongna aya nu rangseb tur boga pamatil. Tong boro bangsa lauk, da jelema ogé ngarasa sieun atuh ari dipatil mah.
Lauk-lauk harirup tumaninah bari nyararantai kalem di hiji balong di sisieun walungan, anu dihalangan hungkul ku tambakan taneuh nu teu sakumaha gedéna.
Hiji waktu maranéhna ngadéngé nu boga balong ngomong ka anakna. ”Geus galedé geuning lauk téh, Jang! Pagéto mah urang bedahkeun balong téh, laukna urang alaan kabéh.”
Barang ngadéngé kitu, lauk-lauk téh kacida rareuwaseunana. Kabéh lauk sing haruleng, inget kana nasib anu moal lila deui palastra (gugur di medan laga).
Harita kénéh lauk-lauk ngayakeun riungan, nyawalakeun kumaha carana sangkan salamet tina bahaya. Lauk emas anu panggedéna, nanya ka sakadang keuyeup.
”Kumaha sakadang keuyeup, sanggup teu andika nyieun liang pikeun norobos tambakan ka walungan? Kapan andika mah biasa nyieun liang?” Ceuk keuyeup teh, ”Teu sanggup, da kandel teuing tambakanana keur kuring mah.”
Ceuk bogo, ”Kawasna mah sakadang lélé anu baris bisaeun mah, sabab geus biasa nyieun gorowong.” Pok lélé nyarita, ”Hadé kuring nyieun gorowong, tapi kudu dibantuan ku saréréa.” Kabéh panuju.
Harita kénéh ger baé digarawé nyieun gorowong éta, norobos ti balong ka walungan. Beuki lila beuki jero, beuki jero nya beuki teuas. Atuh digarawé téh teu bisa gancang.
Sakadang lélé beuki lila beuki leuseuh. Manéhna nyarita, ”Mun aya geusan muntang mah, meureun moal hésé teuing.”
”Atuh ieu paké nu kuring!” ceuk mujaér némbongkeun pamatilna. ”Nya ari anjeun rido mah nginjeumkeun, sok kadieu!” témbal lélé. Sanggeus aya pamunangan mah nyieun gorowongna lélé téh bisa gancang. Teu lila, geus tobros sarta geus bisa dipaké maloncor ku saréréa ka walungan.
Nu boga balong datang téh ngan ukur bisa molohok leuseuh, nénjokeun balongna nu tadina loba laukan ayeuna mah geus sa’at jeung laukna euweh nu nyésa sapotong-potong acan.
Di walungan lélé mulangkeun pamatil ka mujaér, tapi lauk mujaér embungeun narima, pokna téh ”Kop baé meré jang maneh, ku ditulungan ogé kuring mah geus pirang-pirang nuhun.” Tah tisaprak harita lauk lele téh jadi bogaen pamatil.
Tags: Fabel Bahasa Sunda, Melestarikan Budaya Sunda
Posting Komentar
Posting Komentar