Peucang : “Keur naon maneh hey sakadang kuya, sakadang hayam? Singharuleng kitu kawas nu susah?”
Hayam : “Ker pararusing yeuh, teu kaharti kuring ka sakadang buaya, eta mani asa ku ulah nginum di walungan téh?
Hayam: “Heuh bener, abong-abong awak urang laletik mani teu dibere cai, teu kawas sakadang banteng.
Peucang : “Aduh-aduh kuat ka kitu eta si buaya!”
(Keur kitu jol Gagak)
Gagak :”Hey, dulur-dulur! Aya info yeh, tadi kuring ningali di sawah deukeut saung pa Tani, aya gentong isina cai, tapi henteu pinuh. Kuring bie rek nyoba nginum tapi pamatuk kuring teu nepi euy kana caina.”
Kuya : “Hayu ayena urang ka daritu sarerea. Kuring mah geus teu kuat yeuh nahan hanaang, aus pisan!”
Hayam : “Aya cai ge taya gunana. Hulu kuring ge kapiran moal nepi oge asup kana gentong eta.”
Gagak : “Kumaha lamun urang gulingkeun wae gentongna? Ke lamun caina kaluar, urang nginum saseubeuh-sebehna.”
Peucang : “Salah atuh kitu mah. Lamun caina bahe, tangtu nyerep ka jero taneuh Moal bisa diinum.”
Hayam : “Kudu kumaha atuh jadina?”
Peucang : “Kudu make akal!”
Gagak :”Kumaha akalna?”
Pecang : “Cik geura kumpulkeun batu, nu laleutik bae, sing loba. Tuluy abuskeun ka jero gentong.”
Teu lila mongan peucang langsung diturutkeun ku sakadang kuya, gagak, jeung hayam. Teu lila bener bae, sageus batu laletik diabuskeun ka jero gentong, caina jadi naek. geus kitu mah tuluy sarerea ngarinum, silih gantian..
Tags: Fabel Bahasa Sunda, Melestarikan Budaya Sunda
Posting Komentar
Posting Komentar