Biantara: Ibadah nu Ikhlas


Assalamu'alaikum warahmatullahi wabarakatuh!

Bapak sareng Ibu Guru oge hadirin sadayana nu ku simkuring dipihormat.

Shalawat sareng salam urang haturkeun ka Junjungan urang Kanjeng Nabi Muhammad SAW, kulantaran Anjeuna pisan urang sadayana janten tiasa ngabedakeun perkara mana anu haq jeung nu bathil.

Hadirin sadayana nu di Mulya keun ku Allah

Unggal jalmi tos tangtu ngaharepkeun kabagjaan Dunya rawuh Akherat. Kabagjaan eta teu tiasa dilakonan kucara sakadaek, hura-hura, sareng sadaya hal nu ngalanggar syariat agama Islam. Tapi kedah dilakonan kucara ibadah nu tos ditangtoskeun ku Alloh SWT, saperti nu ditulis  dina  Al-qur'an sareng Hadits .

Ngalakukeun ibadah mun di mimitian ku hate nu Ikhlas, hartina ngalakukeun kaalusan teh teu hayang di tempo, komo deui dipuji ku batur mah. Urang kudu ngajauhkeun diri tina kalakuan Riya, sabab hal eta nu  bisa ngancurkeun amalan hade , akhirna urang ibadah teh ngan sakadar meunang cape .

Kanjeung Nabi SAW nerangkeun , Ciri-ciri jalmi nu Riya, nyaeta:

1. Sanajan sifat aslina males, bakal rajin lamun dihareupeun batur.

2. Ibadahna getol karna hayang dipuji ku batur, mun di tegor langsung pundung

Mudah-mudahan urang sadayana ditebihkeun dina sifat Riya tadi,, Amiiin ya Robbal Alamiin..

Mung sakitu pihatur ti simkuring, mugi-mugi sing aya mangpaatna kanggo urang sadayana. Hapunten pami masih seueur keneh pisan kakiranganana.

Akhiirul Kalaam, Wabillaahi taufiiq Wal hidaayah

Wassalamu'alaikum Warahmatullaahi Wabarakaatuh.

Tags: Contoh Pidato Bahasa Sunda, Melestarikan Budaya Sunda