Cucunguk - Carpon Sunda


Cucunguk teh sato leutik nu pikagilaeun jeung pikageuleuheun, pikeun kuring mangrupa hal anu matak ngurel nempona ogé.

Nu ngajadikeun kuring ijid ka sato ieu, pangpangna mah dina hiji peuting basa keur saré tibra,  karasa aya nu gagarayaman kana suku tuluy mapay ka luhur, reg eureun dina lebah irung.

Kacida reuwas jeung tibuburanjatna,  basa kuring mireungeuh nu ngancik eureun lebah irung téh nyaéta cucunguuuuuk……!

“Maamaahhh…iiih…tuluuung….!!” bari papuket pak-pik-pek abrét-abrétan gigibrig, bakat ku gila, campur jeung sieun.

Tengah peuting anu jempling ngadadak jadi ramé, kabéh saeusi imah harudang ku tarik jeung ngagoakna kuring.

“Aya naon Ratih..?” indung kuring bari semu lulungu nyampeurkeun ka kamar.

“Ieu Mah aya cucunguk ngagarayam, bari keuheulna téh bet eureun dina irung Maaah…iiiy..!” kuring bibirigidigan.

“Euh baku Ratih mah, cucungukna mah duka ka mana, goakna mani ngageunjleungkeun warga sakampung….”

“Da gilaa atuh Maah..jaba sieun, sukuna karaos kenéh géték gagarayaman…” kuring bari muringis.

“Nya..atos atuh, da ayeuna mah cucungukna gé tos teu aya. Sok bobo deui..”bari ngaléos deui ka kamarna.

Isuk-isuk hawa subuh karasa seger nyerep kana awak. Gebrus mandi tuluy saged rék indit ka sakola.

Rada lila kuring ngadagoan angkot téh, sabab parinuh ari isuk-isuk mah, loba jalma anu pagaliwota jeung aktivitasna.

Sabot keur ngadagoan angkot, ti kajauhan angkot geus ngalampuan nandakeun rék eureun mawa panumpang.

Sup kuring kana angkot diuk téh di hareup, kabagean duaan dina jok hareup téh da puguh pinuh.

Rentang rentang dina lebah jandela supir katempo sato leutik anu pikagilaeun téa nembongan deui, nya éta cucunguk téa.

“Mang, punten éta cucunguk sintreuk ka luar, bilih ngagarayam ka palih dieu, sieun abdi mah,” kuring ngawanikeun manéh.

Nu di gigireun geus aluman-alimen wé kapiasem, da nempo kalakuan kuring anu teu daék cicing, bari paroman sieun ku cucunguk.

“Teu kedah sieun atuh Téh, ieu mah moal ngegel,”pokna.

Kuring neuteup beungeutna, tuluy imut.

“Saéna piceun A, abdi mah gila ku sato éta téh.”

Sarua jeung supir bangun ngaheureuyan kanu keur kaweur téh.

“Muhun Téh da teu ngegel, tuh ngadon leuleumpangan kana kaca,” ceuk manéhna nuduhkeun kana cucunguk nu geus rék ngadeukeutan kuring.

“Aa…Aa..punten atuh abdi mah, gilaaaaaaaaaa….!” teu kahaja leungeun téh ngerewek kana peupeuteuyanna.

Langsung éta cucunguk, ditungkup ku leungeunna, bari lung dialungkeun ka luar.

“Atos Téeh, tong sieun, tos angkat cucungukna.”

“Ahh, hatur nuhun nya A.., hapunten tadi abdi kumawantun…”

“Teu sawios…nu penting mah, cucungukna angkat kan?”

Kuring kapiasem ku basana, ma enya ka cucunguk mani lemes nyebut angkat.

Satepina di sakola, budak anu tadi diuk gigireun miceun cucunguk teh aya di ieu sakola, tapi salila kuring jadi siswa di ieu sakola, asa can kungsi wawuh jeung éta budak.

Basa keur istirahat kuring ngawanikeun diri nanya. “Emut kenéh ka abdi, si cucunguk..?”bari seuri.

“Owh muhun,  kantenan atuh Téh..”

“Sakola didieu oge geuning A, di kelas sabaraha?”

“Muhun murid enggal, alihan ti Rangkasbitung”

“Uh tebih pisan nya…kaleresan bumi di daerah Warungkondang panginten?” Kuring talete.

“Muhun di Jambudipa Teh,” teu sadar manéhna nunjuk kana tiung kuring.

“Itu..ituu..Teeh..punten aya cucunguk…!” ceuk manehna.

“Manaaaaaa…?”bari teu sadar kuring nangkeup ka manehna.

Nyeh manehna imut. Kuring nu nangkeup pageuh langsung ngaleupaskeun tangkeupan, bari jeung nahan kaéra, ditarempo ku batur nu keur jarajan di kantin.

“Emhh ieu mah cucunguk teh ngaganggu waé nya..”bari nincak cucungukna nepi ka pejét.

“Iih Aa..ngisinkeun nyaaa, dua kali Aa..nulungan abdi nyingkahkeun cucunguk, nuhun pisan.”

“Ih mani sieun nya ku cucunguk gé…ari ku abdi sieun teu?”ceuk manehna ngagé éran.

“Ah..duka ah…!” bari lumpat muru ka kelas.

Satria Ramadhani, ngaran éta lalaki. Payus jeung ngaranna Satria, ari satria téh lalaki, merenah pisan éta ngaran pikeun lalaki mah, komo karesepna tutulung ka batur nu keur ngarasa sieun, katambah kasep deuih, mani nambahan kasampurnaan pikeun dirina.

Basa bél disada, barudak atoh pisan sabab waktuna balik ka imah, dina lebah tangga deukeut perpustakaan ti kajauhan manéhna nyalukan ka kuring, “Heeey cucunguuk…”bari seuri manis.

“Satriaaa…nya…?” kuring males seurina. “Uih ayeuna Sat…?”

“Hayu, apan abdi mah jalmi enggal bilih teu apal jalan peryogi guide kangge nuduhkeun jalan, sareng utamina mah bilih aya cucunguk deui ke disintreuk ku abdi,” ceuk manehna.

“Iih..mani kituuu….” bari leumpang babarengan kaluar ti gerbang sakola.

Cucunguk mawa harti pikeun kuring, najan kudu disingsieunan heula ku sato geuleuh jeung pikasieuneun,  tapi jadi cukang lantaran anu manggihkeun kuring jeung Satria.

Najan gila jeung sieun tapi kuring nganuhunkeun ka sato nu ngaranna cucunguk, nu mawa kuring bisa ngahiji rasa jeung tali kaasih jeung Satria.

Nuhun cucunguuuk…Iiiy….!

Penulis carpon Sunda: Niknik Dewi Pramanik

Tags: Cerita Pendek Bahasa Sunda, Melestarikan Budaya Sunda