Biantara: Maulid Nabi Muhammad 03

Assalamu 'alaikum wr wb...

Bapa Kapala Sakola, Ibu Bapa Guru, Para Sepuh sareng tamu uleman anu hadir di ieu tempat kango ngahadiran acara Paturay Tineung murangkalih kelas ...

Langkung tipayun, hayu urang manjatkeun puji sinareng sukur ka dzat Ilahi Robbi. Kalayan Qodrat Mantena urang tiasa patepang dina ieu waktos kalayan sehat wal afiat.

Solawat sinareng salam, mugia tetep dilimpahkeun ka junjunan urang sadayana habiibanaa wa nabiyyanaa Muhammad Sollalloohu Alaihi wa Sallam. Atuh teu hilap oge ka kulawargana, ka para sahabatna, sareng mudah-mudahan dugi ka para pengikutna anu setia ngajalankeun sunnah anjeuna, kalebet urang.

Aamiin.:

Ibu-Ibu sareng Bapa-Bapa anu ku sim abdi dipihormat.

Teu karaos, sababaraha taun ka pengker abdi asa nembe dibantun ku pun Ema kadieu kanggo daftar sakola. Ayeuna, abdi teu karaos parantos bade ninggalkeun sakola ieu.

Kenangan-kenangan anu tos diukir di ieu sakola boh ku abdi atanapi ku rerencangan nu sanes karaos endah. Katambih deui, abdi sareng rengrengan parantos di bimbing kalayan tulus ku Bapa sareng Ibu Guru.

Hapunten Pa... Hapunten Bu...

Upami salami ieu abdi sareng rengrengan sering ngadamel ka teu raos dina manah Ibu sareng Bapa.

Bilih mah aya nu ka hinis ku raheutna ieu lisan, neda dihapunten kalayan peraosan anu tulus. Mugia Ibu sareng Bapa tiasa ngahapunten kana sagala ka hilapan abdi sadayana.

Dina dinten ieu abdi sareng rengrengan bade papisah ti Ibu sareng Bapa, ngalampah kahirupan engal. Hatur nuhun kana elmu anu parantos diwariskeun, mudah-mudahan janten elmu nu manfaat sareng janten amal soleh kanggo guru nu parantos ngadidik abdi ku ka ikhlasan.

Pa... Bu...

Doakeun abdi supados janten jalmi anu berguna. Sok sanaos elmu ngan sakeupeul peureup, namung abdi hoyong berusaha kanggo janten langkung sae ti ayeuna.

Sapertos papatah anu sering ku Ibu Bapa disebatkeun sok kakuping ku cepil sareng nyerep dina hate ieu. Kirang langkung sapertos kieu: Jang... Nyi... Elmu mah moal beurat dicacandak. Upami janten jalmi kedah nurut kana elmu pare, tambih eusina tambih tungkul.

Papatah eta Insya Allah bade dijantenkeun semboyan hirup abdi pribadi umumna panginten ku rengrengan nu sanesna.

Mung sakitu anu tiasa didugikeun ku abdi salaku perwakilan ti kelas ... . Hatur nuhun kana sagala perhatosanna.

Di tutup ku doa

Robbigfirlii wali waalidayya warhamhumaa kamaa rabbayaani shogiiron. Robbanaa aatinaa fiddunya hasanah wa fil-aakhirati hasanah, waqinaa adzaabannaar.

Wassalamu alaikum wr wb...

Tags: Contoh Pidato Bahasa Sunda, Melestarikan Budaya Sunda