Aina kacida reuwas jeung teu percayana, naha make bisa sobatna miboga rasa anu sarupa jeung manehna, tapi, Aina teu ngabejakeun kaayaan hatena ka sobatna yen manehna ge sarua boga rasa ka eta nonoman.
Sakumaha biasa, kagiatan sapopoe Aina, nyaeta ngadengekeun pituah-pituah ti guruna, tegesna Buya Hamza.
Anjeunna teh salah saurang tokoh gede di eta kampong. Anjeunna ngabogaan pasantren gede nu kasohor oge santri nu kacida lobana.
Tah eta nu jadi salah sahiji cukang lantaran ayana Aina Permatasari mondok di eta pasantren.
Dina hiji mangsa, nalika kagiatan Fordisi atawa sok disebut diskusi ceuk basa urangna mah. Aya hiji santriyin nu kasohor ku kacindekanana.
Eta santriyin teh loba kacaritakeunana deuih hususna mah di sabudeureun santriat.
Ngarana Hama, anu harita mintonkeun pamadeganana nu kacida alusna nepika sakabeh pamilon emprak rame pisan.
Ti harita, Aina ngarasakeun hiji rasa anu teu saperti biasana. Duka teuing kunaon, manehna saperti kapelet ku Hama, santriyin anu kacida istimewana.
Ceuk hate Aina mah, Hama teh lalaki anu pangsampurnana, geus mah kasep, pinter, ah, pokona mah euweuh hiji perkara oge anu hese jang Hama mah.
Geus dua bulan lilana Aina teh mendem rasa ka Hama, anu can aya tanda-tanda baris dibalesna.
Rasa endah oge, ari nu ngarana mendem rasa bari teu dibalesan mah rada cape oge kana hatena teh.
"Diajak talaran palajaran, hayu! Diajak debat hayu! Nanaon oge hayu, meureun atuh upama kitu mah diajak deudeukeutan jeung Aina oge hayu!" kereteg hate Aina anu ngalamun ka mana karep, bakating bangetna rasa resep manehna ka Hama.
Dina hate Aina teh ayeuna mah geus puguh, yen Hama teh hiji lalaki anu dipakabogoh ku manehna.
Ceuk basa gaulna mah cinta pertama. Puguh we, da Aina mah tipikal mojang dusun.
Boro-boro bogoh ka lalaki, asalna mah upama diajak ngobrol ku babaturan lalakina oge sok rada pupurengkedan teu puguh-puguh, malahan mah babaturan lalakina teh euweuh nu wani ngajak ngobrol atawa itu ieu, da ningali Aina anu pasemonna lungguh.
Ongkoh rada areraeun deuih para santriyin oge ngadeukeutan Aina mah, da geus kasohor Aina teh santriat pinter.
Tapi saprak manehna wanoh ka Hama, hatena jiga nu leeh jeung mimiti ngarti naon nu disebut bogoh ka lalaki teh.
Saban poe, dina pikiran Aina sok aya wae nu ngolebat. Geus puguh eta mah, pasti bayangan Hama tea.
Rek ngaji, inget ka Hama. Rek dahar, inget Hama. Komo lamun rek sare mah, bayangan raray Hama teh mani napel jiga nu embung ingkah tina pikiran Aina, nepika dedegan jeung rupa Hama kababawa ngimpi sagala. Euleuh, kieu geuning karasana nya ari kapelet cinta munggaran teh. Hate mani geregeteun.
Geus dua bulan lilana Aina teh mendem rasa ka Hama, anu can aya tanda-tanda baris dibalesna.
Rasa endah oge, ari nu ngarana mendem rasa bari teu dibalesan mah rada cape oge kana hatena teh.
Aina teu pernah ngabejakeun rasa hatena ka sasaha oge.
Pon kitu keneh ka babaturan deukeutna, nyaeta Nenu, manehna mah teu pernah ngomong sakali-kali acan, nepika Aina nyaho, yen sabenerna Nenu teh bogoheun oge ka Hama, sanggeus Nenu nyaritakeun sagalana ti A nepika Z, ngeunaan rasa Nenu anu keur bogoh-bogohna pisan ka Hama.
Aina kacida reuwas jeung teu percayana, naha make bisa sobatna miboga rasa anu sarupa jeung manehna? tapi, Aina teu ngabejakeun kaayaan hatena ka sobatna, malah Aina mah api-api ngajurungkeun sobatna supaya bisa deukeut jeung Hama.
Atuh ti saprak harita, Nenu teu pernah absen nyaritakeun kamajuan sikap Hama ka manehna.
Mani asa ku gampang pisan Nenu mah ngadeukeutan Hama nu linghas alahbatan manuk japati teh, katingalina we jiga nu lindeuk, padahal mah linghas teu katulungan, mun ceuk barudak ayeuna mah linghas binggau bertubi-tubi cenah.
Aina ngan saukur bisa ngadengekeun karakter Hama nu sabenerna ti sobatna tea, nepika Aina nyaho naon nu dipikaresep ku Hama jeung anu dipikageuleuh ku Hama.
Aina nyaho sagalana ngeunaan Hama ti Nenu.
Sakitu oge geus uyuhan, Aina narima jembar hate kana sakabeh perkara nu dilakonan ku sobatna pikeun ngadeukeutan Hama, sok sanajan karasana rada nyiwit kana hate, sabab can pernah sakali-kali acan Aina ngarasakeun kumaha rasana jeung endahna nalika bogoh kahiji jalma kalawan henteu nogencang.
"Da jodo mah moal ka mana jigna. Jodo we sukur, heunteu mah keun bae, meureun geus takdirna kitu."
Eta nu jadi prinsip Aina salila mikabogoh ka Hama teh. Aina teu sabagja sobatna anu bisa ngadeukeutan jeung ngarasaan jadi kabogoh Hama.
Manehna ngarasa yen nu ngaranna duriat teh lain kudu dipikamilik, tapi duriat teh nalika urang ngarasa bagja jeung bisa ngadewasakeun sorangan pikeun ngajalankeun kahirupan nu leuwih hade ka hareupna.
Penulis carpon Sunda: Riris Ristina
Tags: Cerita Pendek Bahasa Sunda, Melestarikan Budaya Sunda
Posting Komentar
Posting Komentar